Jumat, Januari 16, 2009

Tatarucingan Urang Sunda

Nabi, nabi naon anu ngaroko?
nabi-wir

Ari nakol bedug sabaraha warna ?
tiluarna

Kunaon tukang baso sok nakolan mangkok ?
nya ku sendok

Tukang, tukang naon nu teu bisa ningali ?
Tukang teuing

Hitut naon nu teu disada ?

Oray, oray naon nu teu bisa luar leor?
oray kaseglong linggis

Hideung, panjang, mun ditarik ngagaplok?
Kumis polisi

Hayam rintik nonggeng ka langit?
Nanas

Kang juned aya nu nanya, tapi nanya-na dua-an langsung babarengan.
1. Kang ari minggu kamari kamana?
2. Kang domba geus bororjol anakna naon?
Kapanjalu
(daerah Garut)

1 komentar: